Dongeng Kang Ibing #1

in pajajaran •  6 years ago 


Source Pic Alm Kang Ibing
Dongeng lalampahan Si kabayan teh sok inget mun nu ngadongengna Alm Raden Aang Kusmayatna Kusumadinata nu katelahna Alm Kang Ibing, sok seuri ngabarakatak nepi kacirambay, teu weuleh eta keur jaman kaset di puter tuluy mangrebu-rebu kali nepi ka kusut na ge asa teu bosen-bosen. Didieu simkuring rek ngingetkeun deui ku dongeng-dongenna alm kang ibing nu baheula-baheula.
Si Kabayan Ka Puskesmas
Eta mah Si Kabayan meni unggal minggu dongkap ka Puskesmas teh, hayoh aya pikir kadua, sagede carangka da buktina, geus puguh rieut ka Dokter, nyeri beuteung ka Dokter, digegel sireum oge ka Dokter, dikarayapan lancah ka Dokter, rorombeheun disuntik. Pokona mah sagala ka Dokter. Ayeuna duka deuk naon, geus andeprok deui wae.

Saur Dokter : " Aya naon deui maneh Kabayan ? "
" Eheh, taeun sumuhun, bade nyuhunkeun landong" Ceuk Si Kabayan bari palaya-peleye. " Ieu aya anak beurit di jero beuteung."
Dokter : " Duh karunya teuing, di dieu mah teu sadia ubarna Kabayan. Cing cobaan ayeuna mah neureuy anak ucing hirup-hirup. Supaya eta anak beurit anu dijero beuteung teh ditewak."

Geus weh kitu dongengna, urang lanjut deui isuk ku dongeng Si kabayan nu sejen.. mamang rek gadag heula, marangga.


Hatur Nuhun
Ngalalana mangrebu-rebu mil teh kudu dimimitian ku ngalengkah, ulah kedul!


@olgiz247 © 2018


Authors get paid when people like you upvote their post.
If you enjoyed what you read here, create your account today and start earning FREE STEEM!